1.      Ngaran Tempat
Karapyak  |    Kandang sapi/munding  |   
Gedogan  |    Kandang kuda  |   
Paranjé  |    Kandang domba/hayam  |   
Pagupon  |    Kandang japati  |   
Karangkéng  |    Kandang sato garalak  |   
Pawon  |    Tempat hawu/dapur  |   
Padaringan  |    Tempat neundeun béas  |   
Pangkéng  |    Tempat saré  |   
Alun-alun  |    Puseur kota  |   
Jongko  |    Wangunan paragi dagang  |   
Palalangon  |    Wangunan nu ayana di sisi leuweung paranti   ngintip sato boroan, bisa ogé dipaké paniisan.  |   
Ubrug  |    Adegan tempat digawé sawatara poé lilana  |   
Leuit  |    Adegan tempat ngampihan pare  |   
Elos  |    Tempat nyieun jeung ngagaringkeun bata atah  |   
Lio   |    Tempat pameuleuman bata  |   







0 comment:
Posting Komentar