Selasa, 19 April 2011

Sunda_Kecap Rundayan


6. Kecap Rundayan
Kecap rundayan nya éta kecap asal nu dirarangkénan. Rarangkén aya opat rupa nurutkeun cara nempatkeunana, nya éta:
a.       rarangkén hareup (prefiks);
n, m, ny, ng, pa, pi, pang, sa, si, ti, ting, di, ka, mang, ba, nyang, pra, pri, per, pada, para, silih, barang.
Conto: sabeulah, pangjajap, diajar, karasa, badami, titajong, jrrd.

b.      rarangkén tengah (infiks);
ar, al, um, in
conto: bareureum, galedé, gumelis, sinerat, jsb.

c.       rarangkén tukang (sufiks);
an, ana, eun, keun, ing, ning.
Conto: incuan, beurateun, alungkeun, jsb

d.      rarangkén gabung (simulfiks);
pang-keun, di-keun, di-an, sa-eun, pi-eun, di-al-keun, pang-ar-keun, jrrd.
Conto: pangméréskeun, dialungkeun, diajaran, sahuapeun, jsb.


2 komentar:

  1. bade tumaros kulan, dupi kecap Sabelong bentor asal kecapna tina naon sareng nyeratna dipisah atanapi dihijikeun " Sabelongbentor " haturnuhun diantos waleranana

    BalasHapus
    Balasan
    1. Punten nembe diwaler kang. Kanggo kecap "sabelong Bentor". eta mangrupakeun kalimat Kantetan. Nyeratna Dipisah. Janten, nu leres nyaeta "Sabelong Bentor".

      Hapus