Selasa, 19 April 2011

Sunda_Kecap Kantetan



3. Kecap Kantétan
 Kecap kantétan nya éta dua kecap atawa leuwih nu dihijikeun sarta miboga harti nu mandiri. Kecap kantétan dibagi jadi dua, nya éta:
a.       rakitan dalit (compositum)
nya éta dua kecap nu teu bisa dipisahkeun atawa diselapan kecap-kecap séjén. Contona: kacapiring, teu bisa dipisahkeun jadi kaca jeung piring, nya kitu deui rajapati, gandawesi, jrrd.

b.      rakitan anggang (anéksi)
nya éta kecap kantétan nu bisa diselapan ku sawatara kecap.
Conto:   sangu poé              sangu meunang moé,
              dahar isuk              dahar waktuna isuk,
              wajit Cililin              wajit buatan Cililin, jrrd


Nilik kana hartina, kecap kantétan dibagi :
1)      nu satata atawa saharkat;
kolot-budak, gedé-leutik, beurang-peuting, isuk-soré, beunghar-malarat.

2)      sinonim. Contona;
paksa-pirusa, sugih-mukti, méré-mawéh, duduga-peryoga, geuleuh-keumeuh.

3)      nuduhkeun bilangan;
dua-welas, lima-karung, tuju-rébu, dua-boboko, tilu-puluh, jrrd.

4)      nuduhkeun babasan;
tiis-ceuli, laér-gado, panjang-leungeun, hampang-leungeun, jrrd.

5)      nuduhkeun waktuna;
dahar-beurang, indit-soré, mandi-isuk, jrrd.

6)      nuduhkeun lantaran;
paéh-ngajuru, meuli-bogoh, sangsara-dihaja, labuh-titajong, jrrd.

7)      nuduhkeun dijieunna;
korsi-hoé, peti-beusi, keusik-Ciharus, samping-Majalaya, jrrd.

8)      euweuh patalina/ngaran barang;
panonpoé, gandawesi, indung késang, indung beurang, indung peuting.

9)      nuduhkeun sipat/kaayaan;
bongkok-méongeun, harigu-manukeun, hulu-petieun, jrrd.

0 comment:

Posting Komentar