Tuesday, 19 April 2011

Sunda_Dongeng


1.      Dongéng
Dongéng téh nya éta carita anu parondok, bohong, loba unsure pamohalanana (rékayasa) upamana dina jalan caritana, palakuna atawa waktu kajadianana. Nurutkeun susunan basana, dongéng kaasup kana wangun lancaran (prosa). Nyebarna, baheula mah ku cara tatalépa atawa lisan. Ayeuna mah geus sagala maju, dongéng téh lian ti bisa dibandungan, didéngékeun, ogé bisa dibaca, ku sabab geus réa nu dibukukeun atawa dimuat di majalah/Koran.
            Mun dipasing-pasing, dongéng téh dijieun sababaraha golongan, di antarana baé:
a.       Dongéng anu nyaritakeun kahirupan jalma di masarakatna jeung sajarahna.
Upamana dongéng pararaja, paraputri, paranabi, parawali, tukang tani, tukang dagang, jsb.
Contona: dongéng “Prabu Siliwangi”, “Kéan Santang”, “Séh Abdul Muhyi”, “Si Kabayan”.
b.      Dongéng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan (fabel), saperti; kuya, monyét, peucang, tutut, maung, séro, munding, manuk, jsb.
Contona: “Kuya jeung Monyét”, “Peucang Keuna Leugeut”, “Kidang jeung Ajag”, jsb.
c.       Dongéng anu nyaritakeun asal-usul kajadian tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan. Dongéng anu kitu disebutna dongéng sasakala.
Contona: “Sasakala Gunung Tangkubanparahu”, “Mula Nagara Baduy”, “Sasakala Maung
Sancang”, jsb.
d.      Dongéng anu nyaritakeun mahluk ciciptaan, bangsaning jurig jeung siluman. Dongéng kieu téh sok aya anu dijieun minangka katerangan kana rupa-rupa kajadian.
Contona: “Kuntilanak”, “Munjung”, jeung dongéng ngeunaan tempat anu saranget.

0 comment:

Post a Comment

 
×
ISUZU ELF NMR