Selasa, 19 April 2011

Sunda_Kecap Panganteur


1.      Kecap Panganteur
Dina basa Sunda aya nu disebut kecap panganteur, boh kecap panganteur pagawéan, boh kecap panganteur kaayaan. Ieu kecap panganteur téh gunana pikeun ngantebkeun caritaan. Geura titénan ieu kekecapanana di handap.
Am dahar
Jeduk tidagor
Barakatak seuri
Jep jempé
Bek dahar
Jep jempling
Berebet lumpat
Jleng luncat
Berewék soék/soéh
Jol datang
Biur ngapung
Jung nangtung
Blak nangkarak
Jrut turun
Blok bahé
Kop nyokot
Blug labuh
Kuniang hudang
Bluk nangkuban
Lar ngaliwat
Bray beunta
Lat poho
Bray caang
Leguk nginum
Bray muka
Lek neureuy
Breg hujan
Léos indit
Brus mandi
Lep teuleum
Bus asup
Les leungit
Burusut ngising
Luk tungkul
Cat unggah
Nyah beunta
Celengkeung ngomong
Nyéh imut
Celengok nyium
Nyel ambek
Cep tiis
Nyot udud
Cer kiih
Orolo utah
Ceuleukeuteuk seuri
Paralak hujan
Cikikik seuri
Pelenyun udud
Clak tumpak
Pes pareum
Cleng ngacleng
Pluk murag
Clik murag
Pok nyarita
Cong nyembah
Pudigdig ambek
Crot nyiduh
Rap dibaju
Dug saré
Reg eureun
Gampleng nampiling
Rot nginum
Gantawang nyarékan
Rangkénék ngigel
Gap nyagap
Rep tiis/jempé
Gaplok nyabok
Reup pareum
Gedig indit
Reup poék
Gék diuk
Reup saré
Geleber hiber
Sebrut narajang
Geleser maju
Sedut/dut hitut
Gewewek ngégél
Segruk ceurik
Gok paamprok
Sirinting/sirintil nyampeurkeun
Golédag ngedeng
Térékél naék
Hing ceurik
Trét nulis
Jedak diadu

0 comment:

Posting Komentar