Kau Tau?...

Kau tahu apa yang menyenangkan? Saat perempuan-perempuan berpikir aku pernah mencintai mereka. Dan tebak apa yang menyakitkan? Mencintaimu.

Hai Aku...

Hai orang yang gagal jatuh cinta, sedang apa kau? Ah, senyummu! Kukenal senyum palsu itu! Aku juga pernah melakukannya saat bersamamu.

Hanya Kamu

Aku sayang kamu sejak lama, tapi kini aku punya mata yang baru. Mata yang tertutup bagi segala keindahan perempuan yang bukan kamu.

Beda Cerita

Beda ceritanya, antara kamu sudah mengisi hati seseorang atau kamu hanya sedang membuat seseorang sibuk hingga tak sempat menengok hatinya.

Bangga Menjadi Diri Sendiri

Kamu harus bangga bahwa kamu adalah kamu. Sebab mungkin tidak mudah bagi orang lain bila menjadi kamu. :)

Minggu, 09 Oktober 2011

Carpon_Rusiah Tiluan

Panon poe karek nonghol ti beulah wetan hawa tiris masih nyelesep kana kulit. Kuring geus beberes buku sakola, sapatu bersih nang nyemir, baju geus rapih tur seungit ku minyak seungit nu karek meuli kamari. Jam genep pas, kuring geus siap siap rek mangkat ka sakola. Asana mah paralatan sakola teh geus kumplit, nepi ka barang leutik kawas paniti nu teu biasa dibawa ayenamah dibawa. Tapi dasar teledor, malah barang gede nu dipohokeun. Kuring sampe tilu kali bulak-balik ka imah. Nu kahiji buku gambar seni teu dibawa, nu kadua buku modul fisika teu dibawa, nu katilu malah hape nu teu dibawa. Nu asalna niat rek mangkat isuk isuk teh kalah jadi beurang. Jam genep leuwih opat puluh dua karek anjog ka parapatan sakola. Untung we teu nepi kabeurangan, teu nepi disetrap suruh sasapu di tepas masjid sakola. Uluh matak era mun sampe kajadian teh.
Tapi meureun geus takdir gusti Allah. Ku kajadian kieu kuring jadi pajeueung jeung bebende hate, awewe nu dipibogoh. Pernah sakelas keur kelas hiji keneh, ayeunamah kelas dua ukur jadi tatangga kelas. Tapi hate mah lain saukur ngaraos tatangga, tapi adek pisan kawas te aya jauh sauetik-eutik acan. Kuring mogoh pisan ka anjeuna, neng HASNA. Namung anjeuna siganamah teu apaleun kana uluk hate kuring. Tapi teu nanaon da kuring mah teu hoyong anjeuna terang. Komo deui kuring kudu ngomong sorangan, masih era, duka kunaon. Basa papanggih teh asa sugema pisan. Kuring ngarasa teu pisan-pisan bungahna. Tapi awak teh asa hese oyeg. Waktu jadi lila, kuring teh asa boga waktu sa jam jeung mikir. Tapi dasar ragap taya pangawasa, kuring teu bisa ngendalikeun awak sorangan. Ujag ujug letah uluk salam ka anjeuna, bari biwir teh asa seuri sorangan. Pipikiran kuring teu puguh, tapi panon ningali yen anjeuna ngawaler seuri kuring, cepil mireung anjena ngawaler salam kuring. Tidinya kuring jadi sadar, yen ayeuna teh lain ngimpi, tapi kanyataan.
Kuring ngobrol sapanjang jalan nepi ka kelas. Kabeneran kelas kurng leuwih deukeut ti kelas kuring, jadina kuring nu asup ka kelas tiheula. Sapanjang jalan teh asa dipapag widadari, nepi hate kacipta bungahna.
Teu lila bel kasada, tanda jam kahiji tos dikawitan. Kuring langsung geuwat asup ka kelas da biasana mah guru Seni Budaya teh sok langsung ngajar. Dua puluh hiji menit ges liwat, guru Seni Budaya tacan asup keneh. Barudak geus ngaharuleng jentul narungguan, kusabab palajaran seni budaya teh di antos-antos da matak betah. Nu ngajarna geulis tur hade budi.  Kalolobana budak lalaki mah betah sote pedah ku gelisna. Ari budak awewe ku hade budina. Geus adat meureun ari karesep mah moal harua.
Tacan satengah jam palajaran, aya bel kasada opat kali nu nandakeun yen katua kelas disuruh kumpul di aola. Kang Rohmat salaku katua kelas langsung berebet kumpul. Barudak kelas ngadaro'a supados dinten ayeuna diliburkeun, meureun pedah aya ulangan fisika.

Bari nungguan nu keur kumpul, barudak lalaki langsung maraen bal di jero kelas, ari budak awewe langsung ngarobrol, duka ari ngobrolkeun naon mah. Paling oge ngobrolkeun kang cecep murid anyar nu katelah bentang sakola. Lain pedah ku pinterna, tapi ku kasepna. Ceunah mah mirip artis nu keur tenar alam ayeuna, nyaeta Justin Bieber.
Tapi kuring ngan bisa ngemut-ngemut kajadian tadi enjing, nepi ka seura-seuri sorangan. Sabenernamah kuring teh teu pati kenal ka neng Hasna nu pernah sakelas oge. Padahalmah kuring bogoh ka anjeuna geus sataun ti kawitan kelas hiji.
Sabada 5 menit kumpul, kang Rohmat asup deui ka kelas bet ngumumkeun hasil pakumpulan tadi.
" hey hey bro en sist. Hapunten sakedap. Assalamu alaikum wr wb, numutkeun hasil pakumpulan tadi. Disebatkeun yen dinten ayena teh tetep diajar, mung teu di ajar ku Guru. Kusabab guruna bade aya rapat parsiapan UN".
"gubrag" (sada meja)
Mireng beja kitu, barudak langsung ajrag-ajragan bungah. Nepi cep dadang jeung neng ita mah malah gegeloan jaipongan.
Tapi, teu lila aya nu asup deui ka kelas. Barudak nu keur ajrag-ajragan langsung repeh, pajarkeun guru nu asup teh. Singhoreng teh kang Pendi, kaka kelas Nu jadi katua Pakumpulan Murid Sunda. kang pendi sasauran nami kuring. Kuring nu keur ngahuleng ngalamunkeun neng Hasna langsung gorejag bet nyampeur.
"aya naon kang?" taros kuring.
"kieu Va. Ayeuna sadaya nu janten anggota Pakumpulan murid Sunda, kumpul di aola. Bade aya panyeleksian anggota anyar, engke Muz ngiring nyeleksi. tiasa kan?" walerna.
"muhun kang tiasa, ayeuna abdi kaditu".
Sabenerna mah males da keur teu empan pipikiran, tapi da namina kawajiban salaku anggota, kudu we dilakonan, sing iklas we  boa atuh aya barokahna. Gerentes hate kuring.
Nyampe di aola, didinya tos lobaan panitia nu nyeleksi sareng calon anggota. kang Pendi langsung miwarang kuring kanggo calik di tempat panyeleksi.
Teu lila calik, parekrutan geus dikawitan. Anggota anyar langsung dikumpulkeun jeung dibere pangarahan. Sanggus dibere pangarahan, anggota ayar suruh calik di bangku nu disadiekun panitia pikeun wawancara.
Kuring geus siap siap mikeun patarosan pikeun anggota anyar, tapi kuring langsung bengong da nu ek diwawancara ku kuring teh lain batur. Tapi widadari nu titadi di lamunkeun, neng Hasna.
"kang, kang. punten kang"
"eh nya neng. hapunten neng. anggota anyar geuning?"
"muhun kang. sasih kapungkur te teu aya waktos pikeun ngiring seleksi"
"oh. muhun atuh. sok urang kawitan we"
Wawancara lumagsung sapuluh menitan. Kuring naros sagala rupi ngeunaan kasiapan jadi anggota. Malahan mah ditambahan deui ku kuring. Pedah we hoyong leuwih kenal jeung leuwih deukeut jeung anjeuna. Tapi can beres wawancarana, kuring geus di sms suruh enggal ka kelas. Kapaksa keur betah teh, wawancara di entoskeun. Neng Hasna langsung ngalanjutkeun tes nu lianna.
Kuring bet izin ka kang Pendi ek balik ka Kelas.
Pas nyampe di lawang panto kelas, kuring langsung ngejat ningali guru fisika geus nangtung hareupeun barudak.
"wah siganamah keur ulangan yeuh" pikir kuring.
langsung we kuring asup tur nyuhunkeun hampura pedah tos kaluar ti kelas.
"teu nanon cep. Da Ibu mung bade nyandak tugas power poin nu kamari ditugaskeun wae".
"oh muhun atuh pa"
Kuring langsung tenang deui mireng bahasa Ibu Guruna merenah kawas kitu mah. da biasana mah galak si ibu fisika teh. Langsung we kuring ngodok endong calana rek nyokot plasdis pikeun tugas fisika teh. Tapi, kuring seg reuwas. Plasdis na teu aya na endong calanana, na endong baju euweuh. Kuring langsung bingung.
Can kapanggih plasdisna, guru fisika geus ngomong deui
"sok ayeuna ibu ka kantor. Engke tugasna hijiKeun na hiji plasdis. ke ka ibukeun. Nu teu ngumpulkeun. Ku ibu moal diasupkeun ulangan semester engke. Assalamu alaikum." Bari ngajeblugkeun panto.
"haduh kumaha ieuh. Si ibuna ngadat deui. Jabage plasdisna leungit doh". Gerentes hate kuring.
Kuring langsung neangan plasdis kana kantong, kolong meja jeung sakabeh tempat di kelas. Tapi tetep we teu kapanggih. Hate leuwih deg-degan jeung kasieunan. Tapi masih inget yen tadi geus ti aola. Boa bae katinggalaun basa ngawawancara tadi. Kuring langsung ka aola, tapi ditengah jalan geus hayang katukang, meni teu bisa ditahan. Geuwat we kuring muter jalana ka wc.
Di wc, kuring kalah mikira dei plasdis nu leungit. Kabayang bisi dicareka deui ku ema, da anyar keneh kaleungitan Plasdis teh. Kabayang deui data data tugas semester nu can dikumpulkeun. Hate leuwih reuwas jeung teu tenang. Anjognamah kuring ngahuleng nepi lima menit di wc. Untung we masih eling jeung teu kasurupan. Langsung kuring lumpat ka aola, tapi saanjogna di aola geus euwueh sasaha. Neangan di meja nu tadi, teu katimu plasdis teh. dina kabeh pojok nepi ka kolong kabeh meja di aola tetep teu katimu. Kuring tambah reuwas, asa hayang ngajerit satarikna hate. Bangku teu sadar di balangkeun nepi pakgoleprak tarik pisan.
Tapi kuring masih eling tur istighfar. Alhamdulillah masih teu kabawa ku nafsu.
"eh boa bae aya di jalan, da tdi jalanna muter" kuring rada mikir.
Berebet kuring neangan sapanjang jalan nepi anjog deui ka kelas. Sapanjang jalan kuring malah ngahuleng deui. Pikiran tambah teu paruguh sastra, asa hyang ceurik.
tacan nepi ka panto kelas, heg kuring reuwas deui. Di hareupeun aya neng Hasna, bari seuri imut ka kuring. Sakapeung hate gewat robah. Nu asalna keur reuwas, hate bet tenang jeung tentrem. Komo deui basa anjeuna ngucapkeun salam, kuring oge asa geunah ngawalerna.
"assalam kang punten. ieu Plasdis akang katinggaeun."
Heg kuring asa teu bisa usik, ujag ujug kuring nangkeup ka anjeuna. Tapi untung wae masih kabawa sadar, kuring langsung ngaleupaskeun leungeun kuring tina awak neng Hasna. Neng Hasna nu reuwas ngan bisa cicing matung, meureun saking reuwasna.
"eh hapunten neng akang hilap"
"eh muhun kang. aduh neg oge punten"
"punten ku naon neng? apan eta mah kalepatan akang. akang mani bungah Fd akang kapanggih"
" atuhhh. punten tadi neng teu ngahindar. hhe "
"ih si neng. hhe"
katingal pisan imut seuri anjeuna. Seuri nu beda ti biasana. Campur era tur aneh meureunan. Kuring ngarasa era ka anjeuna, tapi sikap anjeuna matak tenang ka hate kuring. Asa kagunturan madu, sagalana seg jadi hawa alus. Anjeuna menta yen kajadian ayeuna ngan dipikanyaho ku tiluan wae. Geus kapikir nu ka tilunamah, nu geus pasti nyaeta Gusti Nu Maha Agung. Kuring ngan saukur ngado'a supaya kajadian ieu bisa ka ulang dina masa nu enggal sarta kajadiean ieu bener-bener ngan saukur jadi Rusiah Tiluan.

Original By : Nova Nurul Mustopa