Selasa, 19 April 2011

Sunda_1.3 Istilah ‘Sunda’


1.3  Istilah ‘Sunda’
Basa Sunda téh nya éta salaku basa indung (mothertongue; first language) urang Sunda anu diparaké kénéh ku masarakatna boh di tatar Sunda, boh di luareun tatar Sunda. Tumali jeung kecap ‘Sunda’, aya sababaraha katerangan anu ngajelaskeun harti naon ari ‘Sunda’ téh?
G.P. Roufaer nétélakeun yén kecap ‘Sunda’ téh asalna tina basa Hindu (India), taya bédana jeung ngaran tempat-tempat séjénna nu aya di Indonesia. Ngarah leuwih jéntré harti jeung asalna kecap ‘Sunda’, urang titénan hiji-hijina, nya éta numutkeun basa Sansekerta, Kawi, Jawa, jeung basa Sundana sorangan.
a. Basa Sansekerta;
      1) Sunda asal kecapna Sund hartina “caang, moncorong”
      2) ngaran Déwa Wisnu, ngaran buta anakna Nikumba, ngaran hiji monyét (wanara).


b. Basa Kawi (Jawa Buhun);
      hartina “cai, pangkat, tumpukan, waspada”


c. Basa Jawa;
      hartina “numpuk, nyusun, ngarangkep, tunda, tumpakan, susunan, panundaan)

d. Basa Sunda;
      dina basa Sunda buhun, kecap Sunda téh diécéskeun kieu:
1)      Sa-unda, Satunda hartina “nunda, panundaan”
2)      Sonda hartina “alus, panuju, punjul, senang, sugema”
3)      Sundara hartina “geulis, kasép, pangkasépna”
4)      Sunda hartina “éndah”
5)      Sunda hartina “punjul tur alus”

1 komentar: