Selasa, 19 April 2011

Sunda_Carita pondok (carpon)


1.      Carita pondok (carpon)
Carita pondok téh aya sasaruana jeung dongéng, boh dongéng boh carita pondok pada-pada carita anu parondok. Ngan baé lamun dina dongéng sok aya babagian anu pamohalan, dina carita pondok mah umumna  euweuh, tegesna mah eusi caritana téh kaharti ku akal. Palakuna, jalan caritana, tempat jeung waktu kajadianana, diréka lira nu enya kajadian. Gelarna ogé béda, dongéng mah umumna hasil sastra béh ditu, ari carita pondok hasil sastra kaayeunakeun. Cara nyebarna dongéng mah umumna ku lisan sedengkeun carita pondok mah ku tulisan.
Dina taun 1929 di urang medal majalah “Parahiangan” nu dikaluarkeun ku Bale Pustaka. Dina ieu majalah sok dimuat carita pondok. Lian ti dina majalah, carita pondok téh gelar dina buku. Buku kumpulan carita pondok anu mimiti gelar judulna “Dog-Dog Pangréwong”, dikaluarkeun ku Bale Pustaka taun 1930. Ngaran anu ngarangna ukur ditulis aksara mimitina, nya éta G. S. Jadi genep taun leuwih ti heula batan kumpulan cerita pendek atawa cerpen dina sastra Indonésia, anu judulna “Teman Duduk” karangan Muh. Kasim anu medal dina taun 1936.
Conto judul buku kumpulan carita pondok:
a.       Carita Biasa (1959) karangan RAF (Radén Ading Affandie)
b.      Papacangan (1960) karangan Rusman Sutiasumarga
c.       Hujan Munggaran (1960) karangan Ayat Rohaédi
d.      Dongéng Énténg ti Pasantrén (1961) karangan RAF
e.       Di Luhureun Jukut Reumis (1965) karangan Yus Rusyana
f.       Diwadalkeun ka Siluman (1965) karangan Ki Umbara, jrrd.
Lian buku anu dieusi kumpulan carita pondok ti saurang pangarang, aya ogé buku anu dieusi kumpulan carita-carita pondok ti sababaraha pangarang. Buku anu kitu disebutna kembang rampé atawa antologi. Buku antologi anu dieusi carita pondok Sunda judulna “Kanjut Kundang” taun 1963, beunang nyusun Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga.

0 comment:

Posting Komentar