1.      Kecap Sesebutan Waktu
A.     Sesebutan waktu dina sapoé sapeuting
Wanci janari gedé  |    Tabuh 01.00 – 03.00  |   
Wanci janari leutik  |    Tabuh 03.30 – 04.30  |   
Wanci balébat  |    Kira-kira tabuh 04.30  |   
Wanci carangcang tihang  |    Kira-kira tabuh 04.30 – 05.00  |   
Wanci haneut moyan  |    Kira-kira tabuh 07.00 – 08.30  |   
Wanci rumangsang  |    Kira-kira tabuh 09.00  |   
Wanci pecat sawed  |    Kira-kira tabuh 10.00  |   
Wanci manceran  |    Tabuh 12.00  |   
Wanci lingsir ngulon  |    Tabuh 13.00  |   
Wanci panonpoé satangtung  |    Kira-kira tabuh 15.00  |   
Wanci tunggang gunung  |    Kira-kira tabuh 16.00 – 17.00  |   
Wanci sariak layung  |    Kira-kira tabuh 17.00 – 18.00  |   
Wanci sareupna  |    Kira-kira tabuh 18.30  |   
Wanci sareureuh budak  |    Tabuh 20.00  |   
Wanci tengah peuting  |    Tabuh 24.00  |   
B.      Sesebutan waktu séjénna
Sakedét nétra  |    Sakiceup, nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan  |   
Sakilat  |    Méh saharti jeung sakiceup, diupamakeun kana   kilat nu ngaburinyay  |   
Sapanyeupahan  |    Nuduhkeun waktu anu teu sabaraha lilana,   kira-kira sarua lilana jeung anu keur nyeupah  |   
Saumur jagong  |    Kira-kira tilu bulan satengah  |   
Sataun landung  |    Sataun leuwih  |   
Sawindu  |    Dalapan taun  |   
Saabad   |    Saratus taun  |   







0 comment:
Posting Komentar