Selasa, 19 April 2011

Sunda_Mantra


1.      Mantra
ASIHAN SI BURUNG PUNDUNG
                        Asihan aing si burung pundung
Maung pundung datang amum
Badak galak datang depa
Oray laki datang nampi
Burung pundung burung cidra ku karunya
Malik welas malik asih ka awaking
                                                            (dicutat tina Panyungsi Sastra Kaca 65, Gunung Larang,
Bandung 1984)
a)      Nu disebut puisi mantra
Puisi mantra téh puisi anu dianggap ngandung kakuatan gaib. Dipakéna ogé tara sagawayah. Mantra biasana dipapatkeun ditalar. Maksud anu mapatkeun nya éta sangkan manéhna bisa ngagunakeun kakuatan gaib pikeun ngahontal hiji tujuan.
Nurutkeun paranti naon dipakéna, mantra dibagi jadi; asihan (contona saperti nu di luhur), jangjawokan, ajian, singlar, rajah jeung jampé. Mantra kaasup kana wangun ugeran anu mangrupa sajak bébas, lantaran wirahma dina mantra henteu matok polana.

b)      Conto-conto mantra séjénna
-          Jangjawokan, nya éta mantra anu dipakéna arék milampah hiji pagawéan. Anu dipalar sangkan
punjul hasilna jeung anu migawéna salamet.

JANGJAWOKAN PARANTI NGAGEUGEUS
Ramo sapuluh jadi ramo salapan
Ramo salapan jadi ramo dalapan
Ramo dalapan jadi ramo tujuh
Ramo tujuh jadi ramo genep
Ramo genep jadi ramo lima
Ramo lima jadi ramo opat
Ramo opat jadi ramo tilu
Ramo tilu jadi ramo dua
Puhaci !
Puhaci sing jadi hiji.

-          Ajian, nya éta mantra anu dipakéna pikeun meunang kakuatan pribadi sangkan gedé sima,
ludengan (berani), bedas (kuat), jeung sajabana.

AJIAN PETAK BAGÉNDA ALI
Kulitku kulit wesi
Uratku urat kawat
Babalungku waja maléla
Bumi tuli sagara ménga
Teka petak Bagénda Ali
Suaraku gelap ka sanga
Rat gurat
Rat gurat


-          Singlar, nya éta mantra anu dipakéna pikeun nyinglar (mengusir) jurig, kuntilanak, lelembut,
   musuh, sasatoan, jeung hama anu sakira sok ngaganggu ka manusa.

SINGLAR KA MUSUH
Curulung cai ti manggung
Barabat ti awang-awang
Cai tiis tanpa bisi
Mun deuk nyatru ka si itu
Mun deuk hala ka si éta
Anaking palias teuing

-          Rajah, nya éta mantra anu dipakéna paranti ari ngambah leuweung anu sanget, muka
pihumaeun, nyieun babakan, nalukkeun siluman-sileman, ngaruat, jeung sajabana.

RAJAH CITRA KASUNYIAN
Hong citra kasunyian
Hong citra kasundulan
Jleg bumi
Jleg langit
Jleg manusa
Jleg sétan
Manusa wisésa
Sétan sampurna
Sampurna kersaning Alloh
Ashadu alla illaha illalloh
Waashadu anna Muhammadar Rasululloh

-          Jampé, nya éta mantra anu dipakéna pikeun nyageurkeun (menyembuhkan) kasakit jeung
  kacilakaan.

JAMPÉ DICOCO KALA
Kalaka kaliki
Kala lumpat ka sisi cai
Aing nyaho ngaran sia
Ngaran sia kulit kai
Tawa tawé
Ditawa ti peuting waras ti beurang
Paripurna hirup waras

0 comment:

Posting Komentar