Rabu, 21 September 2011

Resensi Buku Laleur Bodas

  

Dina pabukon sunda aya sawatara carita anu disebut 'carita dekektip', diantarana diarah pati  beunang margasulaksana jeung Laleur Bodas beunang samsu. Samsu teh lain ngaran anu saenyana tapi sandiasma anu diwangun ku engang mimiti jenengan duajalma anu nyusun eta carita, nyaeta Sambas jeung Susangka (ayeuna mah H. E Susangka). Kumaha ari margasulaksana?  Wallahu'alam. Gedekamungkinan eta oge sandiasma au nepi ka kiwari tacan kapaluruh saha jenengan anu saenyana. Eta dua carita disebut 'carita detektip', padahal urang pada terang yen dina eta dua carita, henteu aya detektip saurang-urang acan. Bisa jadi kulantaran aya anasir rahasiahna.

            Detektip teh pulis atawa pagawe pausahaan jasa anu tugasna kalawan rerencepan maluruh hal-hal anu ditanyakeun ku langgananana. Lamun pulisi, biasana maluruh kajahatan (umumna rajapati) nepi ka nu ngalakukeuna kacerek. Sabada sag detektip meunangkeun bukti-bukti pikeub ngajagragkeun panjahatna ka pangadilan, rta penjahat teh ditangkep. Tapi ari detektip pausahaan swasta anu nawarkeun jasa pikeun mangmaluruhkrun sagalarupa hal pikeun kapentingan langgananana, henteu salilana (malah umumna mah henteu) aya patalina jeung kajahatan. Di sawatara nagara, aya pausahaan detektip nu diantarana mangmaluruhkeun kaayaan calon salaki atawa kulawarga calon pamajikan anak anu menta dipangmaluruhkeun jeung pibesaneun teh. Aya oge anu menta dipangmaluruhkeun naha enya salaki atawa pamajikanana sok nyolowedor, pangpangna pikeun dijadikeun bukti lamun ek pepegatan.

Dina pabukon kulon memang aya golongan carita anu nyaritakeun hiji tokoh pulisi anu jadi detektip nyanghareupan  rupa-rupa kasus kajahatan, pangpangna nu mangrupa rajapati. Pangarang anu geus sukses ngajaulkeun hiji tokoh detektip nepi ka dipikaresep ku nu macana, tuluy nyieun seri carita anu nyaritakeun eta tokoh ngabongkar rupa-rupa kasus kajahatan. Tokoh-tokoh Sherlock Holmes karangan A. Conan Doyle pangarang ti Inggris jeung Inspektur Maigret (dina karangan-karangan pangarang Prancis George Simenon), Inspektur Poirrot (dina karangan-karangan pangarang wanoja Inggris Agatha Christie)
            Pangarangna nepatken carita laleur bodas jiga kajadian di kuningan. Sangkan jiga, patepungna lili jeung basri peuting-peuting basa merego Sumarni bobogohan jeung Didi, disebutkeun di Haur Duni; wallahu'alam aya heunteuna mah eta patamanan teh. Sabab sanyatana, eta carita teh bisa bae kajadian di tempat sejen, lain di kuningan, da henteu aya kajadian atawa alur caritana anu memang kudu Kuningan. Ari Sababna matak milih Kuningan mah, kateguhna babari, eta meureun dumeh pangarangna duanana oge tedak kuningan.
A.Identitas Buku
Judul                             : Laleur BODAS
Pangarang                     : Samsu
Wedalan                        : PT Kiblat Buku Utama
                                      : Jl. Gumuruh No.38, Bandung 40275
Telp/fax                         : +62227330595
Surat-e                          : penerbitkiblat@yahoo.co.id
Situs                              : http://kiblatbukusunda.blogspot.com/2007/01/laleur-bodas.html
Perancang Jilid              : Deddy Subandi
Ilustrasi Jilid                 : Yusuf Afendi
Citakan                         : Citakan ka-1, Bale Pustaka,1940; Citakan ka-2, 1952; Citakan ka-3, Yayasan Bakti Haruman, 1992; Citakan ka-4, Girimukti Pasaka, 1992; Citakan ka-5, Kiblat Buku Utama, 2002; Citakan ka-6, Desember 2009.
Tebel Buku                   : 14,5 x 21 cm.; 188 kaca
Harga                            : Rp 20.000,-

B. Kapangarangan
Laleur Bodas teh mangrupakeun carita beunang samsu. Samsu teh lain ngaran au saenyana tapi sandiasma anu diwangun ku engang mimiti jenengan duajalma anu nyusun eta carita, nyaeta Sambas jeung Susangka (ayeuna mah H. E Susangka), duanana oge tedak kuningan.

C. Tingkesan
Basri hahadéan jeung Lili. Dina hiji peuting waktu keur nariis di Haur Duni, maranéhna bet merego Didi nyieun lampah teu uni jeung Sumarni. Didi terus ngunek-ngunek, hayang nyilakakeun Basri. Basri haben diganggu maké rupa-rupa jalan. Sa¬je¬roning kitu, Basri sok remen narima surat pondok ti “Laleur Bodas”, tepi ka manéhna remen salamet tina laku jahat panggawé deungeun. Saha ari “La¬leur Bodas” téh?
“Laleur Bodas téh caritana basajan, henteu pa¬beu¬lit cara ilaharna carita mistéri, tapi henteu weléh ngahudang kapanasaran anu maracana. Pangarangna tapis pisan dina ngarasiahkeun saha saenyana “Laleur Bodas” téh”.









D. Tokoh jeung Panokohan
1.Basri            : Tokoh nu utami. Watakna sabar, teu taliti, wanian, nyaah pisan ka nu jadi kabogoh.
2. Lili              : Istri anu mikacinta ka basri. Watakna sabar,
3. Didi            : Nu jadi tokoh anu jahat. Watakna sombong, adigung, heuras.
4. Ghani          : Anak Buah subita. Nu jadi Laleur Bodas. Watakna hade, bageur, nyaah kana kahadean.
5. Gapur          : Anak Buah Subita. Watakna Jahat, nurut ka Subita.
6. Subita         : Tokoh jahat. Watakna goreng.
Jeung sajabana.

E. Unsur Carita
1. Alur
Pangenalan. Konflik. Klimaks. Jeung panutup carita.
2. Tema
Carita Detektip atawa Crita Misteri.
3. Katerangan
Tempatna di Kuningan.

F. Kaunggulan jeung kalemahan
Numutkeun simkuring. dina novel ieu aya sababaraha kaunggula jeung kalemahan sapertos kieu :
1.         Kaunggulan
- Bahasa novelna merenah, gampang dipiharti.
- Caritana matak panasaran jeung pinunjul.
- Caritana pakait rapih, caritana hese ditebak.
- Pangarangna pinter nyamunikeun saha eta laleur bodas.
- Carita cintana rame. Teu kawas carita bobogohan budak ngora nu biasa.

2.    Kalemahan
- Alur caritana teu pati cocok kanggo budak anom. Kusabab caritana nyaritakeun hiji kulawarga.
- Kalobaan dibeberkeun idetitas laleur bodasna.

By Nova Nurul Mustopa

13 komentar:

  1. Terimakasih infonya. sangat membantu

    BalasHapus
  2. aduhh ga ngerti artinya !!! hhahaha

    BalasHapus
  3. carita Agatha Christiena Indonesia. Hatur nuhun Kang

    BalasHapus
  4. carita Agatha Christiena Indonesia. Hatur nuhun Kang

    BalasHapus
  5. Terima kasih admin..
    Kebetulan saya ada tugas SUNDA!

    BalasHapus
  6. amanat yang terkandung dari novel ini apa ya? hehe mohon bantuan :)

    BalasHapus
    Balasan
    1. Apa ya, udah lama ga baca. Soalnya ini cerita misteri, tak terlalu terbuka mengenai penyampaian didalamnya. Hehe ^^v

      Hapus
  7. Every weekend i used to visit this site, for the reason that i want enjoyment, as this this web page
    conations actually pleasant funny information too.


    Here is my page; blumenfeld

    BalasHapus
  8. Aku mau sinopsisnya dong mohon banget:(

    BalasHapus