Minggu, 18 September 2011

SAJAK SUNDA

Dipilih tur dipanganteuran ku
Ajip Rosidi

Dina sajarahna anu tacan kungsi satengah abad, kabuktian sajak dina basa Sunda téh geus ngahontal ajén anu bisa dipikareueus jeung geus miboga tradisi anu pageuh ngakar dina kahirupan budaya. Sajak, cara dangding nu mangrupa wangunan sastra anu jolna tina pangaruh sastra dina basa séjén, dina basa Sunda geus tumuwuh kalawan séhat tur réa sastrawan Sunda anu némbongkeun karancagéanana ku nyipta sastra dina éta wangunan. Cindekna wangunan sajak dina basa Sunda anu waktu mimiti diwanohkeun dina sabudeureun tahun 1950 réa meunang panolak ti jalma-jalma anu kabungbulengan ku dangding, kiwari geus jadi wangunan anu mapan, tur geus ngabeungharan sastra Sunda ku ciptaan-ciptaan anu luhur ajénna.

Buku Sajak Sunda anu eusina ngan sajak wungkul, ngabuktikeun hal éta. Dina ieu buku dimuat sajak-sajak anu ku nyusunna dianggap miboga ajén pikeun dipidangkeun. Ieu buku lain baé mangrupa kabeungharan khazanah sastra Sunda, tapi mangrupa wujud budaya anu baris jadi warisan pikeun generasi anu pandeuri.
Cit. I, 2007, 14,5 x 21 cm.; 692 kaca; ISBN 979-3631-95-3; Rp 98.000,-

Sumber

0 comment:

Posting Komentar