Thursday, 31 March 2011

Sunda_makalah budaya


Bab I Bubuka
1.1         Kasang Tukang
Dina jaman globalisasi jiga ayeuna , anu namina pergaulan teh tos hese pisan dikontrolna . Budaya ti luar bisa jadi gampang pisan asup ka hiji bangsa. Nya eta budaya anu alus, boh budaya anu bututna. Lamun urang teu boga elmu jeung kaimanan kanggo nyaring eta budaya , urang sadaya bisa kaseseret ka jalan anu lepat.
Ayeuna warga nagara Indonesia seueur anu ninggalkeun kabudayaanan sorangan, kusabab warga nagarana teu tiasa milihan mana nu sae jeung anu gorengna. Anehna justru loba urang luar Indonesia anu resep ka budaya Indonesia.
Salah sahiji anu jadi korban utami dina ieu era globalisasi nyaeta para rumaja. Ayeunamah seueur pisan rumaja anu gaya hirupna nyimpang tina jalan anu bener. Kusabab kakontaminasi ku kabudayaan luar anu hese dibendung jeung disaring. Dampakna anu namina pergaulan bebas tos jiga jadi budaya dikalangan rumaja Indonesia.
Salain ti pargaulan bebas, ayeuna mah tos usum anu namina panyakit HIV anu panyebabna teh tina pergaulan-pergaulan bebas keneh. Sareng ari anu namina panyakit HIV mah teu aya obatna.
Kusabab eta urang bade ngabahas ngeunaan “Pergaulan Bebas sareng HIV” di kalangan rumaja Indonesia.










1.2         Tujuan
Tujuanana nyaeta , ningkatkeun wawasan urang sadaya ngeunaan pergaulan bebas sareng HIV. Lamun urang tos gaduh wawasan anu cekap , diharepkeun urang sadaya tiasa nyegat perkembangan kabudayaan pergaulan bebas sareng HIV, terutamana dikalangan rumaja.
1.3         Masalah
Naon maksadna pergaulan bebas teh ?
Bahayana pergaulan bebas ?
Sabab-sabab tina pergaulan bebas
Kumaha anu namina pergaulan bebas tiasa dicegat ?
Naon HIV teh?
Panyebab sareng akibat HIV teh naon?
Bedana HIV sareng AIDS










Bab II Eusi
A.    Pergaulan Bebas

1.      Arti
Pergaulan bebas teh nyaeta hiji kaayaan dimana wates interaksi diantawis saurang jeung saurang anu sanesna hampir teu aya. Dina  namina pergaulan bebas teh teu aya anu namina watesan  dina interaksi anu dilakonan ku saurang jeung urang anu sejena. Biasana , pergaulan bebas seueur ngajangkit kaum rumaja. Conto-conto pergaulan bebas nyaeta teuayana watesan dina pergaulan antawis istri sareng pameget, ramena panyebaran narkoba, nginum-nginuman keras, jeung sajabina.

2.      Bahayana
Bahaya anu ditimbulkeun dina pergaulan bebas kabagi jadi 2 macem . Nyaeta bahaya anu tiasa dirasakeun langsung atanapi bahaya jangka pondok sareng bahaya jangka panjang. Sadaya tina bahaya eta teh teu bisa diremehkeun. Contoh bahaya jangka pondok diantawisna nyaeta ramena tindak kriminal,  lamun tindak kriminal tos marak sabunderan masarakat , engkena bisa jadi timbul lobana masalah sosial, ekonomi, jeung sajabana. Contoh sejena nyaeta loba kahamilan diluar nikah , jadina loba budak anu teu boga bapa sacara hukum. Contoh bahaya jangka panjang nyaeta panumbuhan positif bangsa jeung nagara nu jadi terhambat, kusabab loba calon-calon penerus bangsa –nyaeta rumaja- anu beunang ku pergaulan bebas. Lamun tos kajerat ku pergaulan bebas engkena kabodoan jadi marak dimana-mana, bisa-bisa bangsa Indonesia ‘dijajah’ deui ku bangsa sanes. Lamun pertumbuhan bangsa jeung nagara tos kahambat, urang sadaya pasti katinggaleun ku bangsa sanesna. Barijeungna teh nu namina mutus mata rante tina kabodoan teh hese.




3.      Panyebab
Sabab utaman tina pergaulan bebas teh nyaeta penyebaran informasi anu hese pisan dibendung jeung disaring. Salah sahiji media informasina nyaeta internet.  Teu sadaya informasi anu disajikeun dina media informasi teh informasi anu patut disebarkluaskeun. Mung , anu namina ngabendung sareng nyaring informasi teh teu gampang. Kudu aya gebrakan ti pamarentah kanggo ngabatasan arus informasi ti internet. Lamun bae , urang tiasa nyaring informasi anu tos gamoang pisan diakses , tiasa dijamin urang sadaya tiasa terhindar tina anu namina pergaulan bebas. Sabab sanesna nyaeta kirangna pengawasan ti jalmi sepuh ka pemuda jeung bararudakna.

4.      Panyegahana
Pergaulan bebas teh tiasa dicegat. Cara anu pang ampuhnamah ngawekelan urang jeung sadaya urang anu aya dilingkungan urang ku imna anu kuat. Ku iman anu kuat, urang tiasa milih jeung milah informasi mana anu pantes jeung nu teu pantes. Cara kadua nyaeta masihan pengawasan ka barudak urang atanapi urang anu caket sareng urang sadaya. Lamun cara ieu teu berhasil oge , pamarentah  kudu ngajieun hiji gebrakan kanggo ngebendung jeung nyaring arus informasi anu lebet ka Indonesia.

B.     HIV
1.      Arti
               Virus imunodefisiénsi manusa anu katelah HIV (Human immunodeficiency virus) mangrupakeun retrovirus nu utamana nginféksi bagian vital sistim imun manusa kayaning sél T CD4+, makropag, jeung sél déndritik. Ieu virus ogé, boh sacara langsung atawa henteu, ngancurkeun sél T CD4+. Ku sabab sél T CD4+ T dipikabutuh pikeun jalanna sistim imun, mun sél ieu geus diancurkeun ku HIV, sistim imun bakal tumpur, sahingga ngabalukarkeun kasakit nu katelah AIDS. Leuwih i opat puluh juta jalmi di dunia kakeuna HIV sareng satengahna nyaeta istri sareng murangkalih. Hiv nerang jalmi di saluruh dunia henteu milih-milih dina agama, budaya, sareng nu sanesna.  Sareng panyakit HIV teh tacan aya obatna, janten urang tiasa nyegah wae, da upami tos keuna mah moal tiasa di obatan.

2.      Bahayana
     Bahayana Hiv teh nyaeta tiasa nimbulkeun panyakit AIDS, nyaeta teu ayana daya tahan awak. Kusabab sistim imun teh tos kaserang ku virus HIV, sareng tos teu tiasa deui ngalindungan awak tina panyakit anu lian. Jadina, sadaya macem panyakit tiasa asup kana awak.
3.      Panularana
       Panyabab HIV/AIDS tiasa  lebet ka awak penderitana teh diantawisna  tina hubungan badan anu teu aman, sedengkeun salah sahiji palakuna tos kajangkit ku panyakit eta. Tiasa oge tina nganggo jarum suntik atanapi alat medis anu kirang steril, atanapi dianggo babarengan. Salain eta virus HIV tiasa sumebar tina transfusi getih sareng tina cai susu anu dipasihan ku indung nu tos kajangkit virus HIV.
      Aya sababaraha hal anu sanes panyabab nularna HIV, diantawisna nyaeta nganggo alat tuang, batuk, bersin, nyiduh, tina cai panon, alat mandi, kontak fisik anu wajar misalna sasalaman, tatangkeupan, nyium, sareng sajabina. Da anu namina Virus HIV mah ditularkeuna tina getih, cai susu indung, cai mani, sareng tina kandungan.
4.      Panyegahana
     Cara panyegahana nyaeta, ngajaga sareng ngariksa atanapi ngahindaran prilaku pargaulan bebas, satia ka pasangan, ngagentos jarum suntik upami bade donor darah, henteu ngagunakeun narkoba,
              











Bab III Panutup
       
        3.1   Kacindekan
   Anu namina pergaulan bebas teh zaman ayeunamah tos jadi budaya , kalebet di Indonesia. Ieu pergaulan bebas teh sesah kanggo dibendung kusabab arus informasi anu hese dibendung jeung disaring. Mung , tetep we aya jalan kanggo ngacegat pertumbuhan budaya pergaulan bebas. Cara anu paling ampuh nyaeta memperkuat iman diri urang sorangan .
Mangsa rumaja mangrupa mangsa neangan jati diri tapi didinya para rumaja loba nu kajebak kana pergaulan bebas, numana pergaulan bebas mangrupaken gaya hirup nu teu merhatikeun norma jeung nilai nu ilaharna aya di masyarakat                                .   
      Sabab musabab pergaulan bebas tiasa digolongkeun jadi dua faktor, nyaeta faktor internal jeung faktor eksternal. Faktor internal nyaeta ti jero diri urang sorangan, misalna kurangna iman jeung taqwa, kurangna pangarti ngeunaan norma jeung nilai nu ilaharna aya di masyarakat. Faktor eksternalna nyaeta tiasa tina ajakan babaturan jeung pangaruh lingkungan.
Contoh pergaulan bebas nu sabagian gede dialaman rumaja nyaeta sex bebas jeung nyalahgunakeun narkoba.
Pangaruh ti pergaulan bebas bisa mangrupa mere sanksi sosial ku masyarakat, keur nu ngagunakeun narkoba bisa ngakibatkeun karusakan fisik jeung leungitna nyawa, keur nu ngalakukeun sex bebas bisa ngakibatkeun hamil di luar nikah. Salain ti eta, keur nu ngagunakeun narkoba jeung palaku sex bebas tiasa kainfeksi virus HIV.
Virus imunodefisiénsi manusa anu katelah HIV (Human immunodeficiency virus) mangrupakeun retrovirus nu utamana nginféksi bagian vital sistim imun manusa. Nu nyababkeun ti HIV nyaeta Hubungan seksual nu teu kalindungan ti jalmi - jalmi nu tos kainfeksi HIV, Jarum / piercing / tato nu teu steril jeung digunakeun silih gantian, Meunangkeun transfusi geutih nu ngandung virus HIV, HIV Positif indung ka orokna, samentawis di jero rahim, nuju lahiran atanapi ngaliwatan ASI (susu).
HIV/AIDS henteu waé ngarusak fisik sarta mental individu tapi ogé ngalibatkeun sosial ékonomi.

3.2     Saran
Saran ieu ditujukeun kanggo pamarentah. Dina kasus pergaulan bebas , pamarentah boga andil anu gede kanggo panyebarluasanana. Pamarentah oge gaduh kakuasaan kanggo milarian cara ngabendung budaya pergaulan , kucara ngayakeun panyuluhan ka unggal palosok sareng ka unggal ganerasi muda.
3.3   Daftar Pabukon
http://www.HIV.com

0 comment:

Post a Comment

 
×
ISUZU ELF NMR