Thursday, 31 March 2011

Sunda_Biantara Globalisasi

BIANTARA BASA SUNDA “GLOBALISASI”
Assalamu’alaikum wr. Wb.,
            Alhamdulillahirabbil alamin, ashalatu wassalamu ala ashrafil anbiyai walmursalin, wa ala alihi washahbihi ajmain, amma ba’du. Puji sinareng sukur hayu uang panjatkeun ka Gusti Nu Maha Suci. Anu ku kersana urang sadaya tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Sholawat sinareng salam mugi-mugi tetep kakocorkeun ka jungjunan urang sadaya, kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka para kulawargana, para sohabatna, para tabi’in tabi’atna, sareng mugi-mugi nyampe ka urang sadaya salaku umat anu nganut ajaran agamana, amin.
Hatur nuhun ka panumbu catur anu parantos nyayogikeun waktos kanggo simkuring sasanggem. Hatur nuhun kana kasumpingan Bapa miwah Ibu sadaya dina ieu acara.
Ngadegna abdi dina danget ieu dipayuneun Bapa miwah Ibu etang-etang lauk buruk milu mijah, teu aya maksad sanes, seja ngiring jabung tumalapung sabda kumapalang. Nanging, sanaos suwung ku pangaweruh. Simkuring bade nyobi nyampekeun sababaraha kalimah ngeunaan “Globalisasi”.
Hadirin anu dipihormat,
Sakumaha urang terang ayeuna urang hirup tan hurip di tatar sunda, Indonesia. Budayana karaos keneh renghapna, namung huripna ruwed katungger budaya sejen. Teu tiasa dileungitkeun pangaruh budaya luar anu asup ka Indonesia sakumna kana budaya sunda teh sakitu mahabuna. Palangsiang urang oge dina kahirupan sapopoe sok manggihan atanapi tos kaasupan budaya luar, anu mana eta budaya luar the asup ka budaya urang ngaliwatan hiji jalur anu disebat globalisasi.
Alhamdulillah simkuring ngaraoskeun keneh eta renghap teh, sok sanajan engap-engapan. Kagimir nu ngancik dina piker, inggis budaya urang ilang dina mangsa nu bakal datang. Ningal jaman anu tos sakieu majuna, globalisasi tos ngaraseuk ka mana-mana, aya nu asup tina jalma anu cicing di daerahna, asup tina budaya anu ditonton tina tv, aya deui anu asup tina media masa mengrupa internet anu ayeuna geus jadi nomer hiji di dunya.  
Nu namina globalisasi teh nyaeta asupna budaya luar kana budaya urang. Tangtu wae aya matakna, boh matak nu alus atanapi mawa kagorengan. Alusna mah urang oge tiasa apal kana kamajuan teknologi, widang atikan, budaya lian, atanapi kamajuan jaman. Tapi leuwih loba matak gorengna, mun disebatkeun hiji-hiji mah tangtu simkuring bakal nyarios leuwih ti sa jam dina danget ieu. Kumargi kitu, ayeunamah urang tingal we dina kahirupan sapopoe urang. Ayeuna tos loba anu namina awewe nu nurutan gaya barat, rambut di cet, letah di antingan, baju dajal atanapi dada jeung bujal katingali tos dipake ku jalma rea, rambut dirancungkeun siga paku, irung ditindik, awak ditato, anu pasti etamah sanes tina budaya urang. Tapi ayeunamah tos dianggap biasa we ku jalma urang teh, eta tos ngabuktikeun lamun dampak globalisasi teh tos asup dina kahirupan urang.
Kauninga ku sadayana, rehing puluhan budaya urang tos leungit, malihan rebuan budaya barat mawa kagorengan geus asup kana kahirupan urang.
Nonoman ayeuna anu salawasna nganggo hal-hal anu prak-prungna sareng milarian hal-hal anu anyar, pasti bakal ngadeukeutan kana matakna tina globalisasi, tina nonton tv nu matak ngedul, sampe-sampe ayeunamah nonoman teh tos dibutakeun ku fesbuk. Loba nonoman anu poho diajar, poho solat gara-gara sibuk ku fesbukan. Lamun kitumah laun-laun budaya urang teh bakal leungit sorangan.
Dina ieu kasempetan simkuring, etang-etang ngabejaan bulu tuur, umajak hayu urang lestarikeun budaya urang, sareng omet kudu bias pulah-pilih kana budaya luar anu asup tina globalisasi, ulah sampe kabawa ku sakaba-kaba.
Mung cekap sakitu anu kapihatur, tutus langkung kepang halang, bobo sapanon caang sapakan, mugi agung cukup lumur neda jembar hapuntena. Sok sanaos teu malapah gedang, mugi bae aya mangpaatna.
Wassalamu’alaikum wr. Wb.








                                                                                                                                                       
By  Nova Nurul Musopa 

0 comment:

Post a Comment

 
×
ISUZU ELF NMR