Minggu, September 18, 2011
Dipilih tur dipanganteuran ku
Ajip Rosidi
Dina
sajarahna anu tacan kungsi satengah abad, kabuktian sajak dina basa
Sunda téh geus ngahontal ajén anu bisa dipikareueus jeung geus miboga
tradisi anu pageuh ngakar dina kahirupan budaya. Sajak, cara dangding nu
mangrupa wangunan sastra anu jolna tina pangaruh sastra dina basa
séjén, dina basa Sunda geus tumuwuh kalawan séhat tur réa sastrawan
Sunda anu némbongkeun karancagéanana ku nyipta sastra dina éta wangunan.
Cindekna wangunan sajak dina basa Sunda anu waktu mimiti diwanohkeun
dina sabudeureun tahun 1950 réa meunang panolak ti jalma-jalma anu
kabungbulengan ku dangding, kiwari geus jadi wangunan anu mapan, tur
geus ngabeungharan sastra Sunda ku ciptaan-ciptaan anu luhur ajénna.
Buku Sajak Sunda
anu eusina ngan sajak wungkul, ngabuktikeun hal éta. Dina ieu buku
dimuat sajak-sajak anu ku nyusunna dianggap miboga ajén pikeun
dipidangkeun. Ieu buku lain baé mangrupa kabeungharan khazanah sastra
Sunda, tapi mangrupa wujud budaya anu baris jadi warisan pikeun generasi
anu pandeuri.Cit. I, 2007, 14,5 x 21 cm.; 692 kaca; ISBN 979-3631-95-3; Rp 98.000,-
Sumber