3. Kecap Kantétan
Kecap kantétan nya éta dua kecap atawa leuwih nu dihijikeun sarta miboga harti nu mandiri. Kecap kantétan dibagi jadi dua, nya éta:
a. rakitan dalit (compositum)
nya éta dua kecap nu teu bisa dipisahkeun atawa diselapan kecap-kecap séjén. Contona: kacapiring, teu bisa dipisahkeun jadi kaca jeung piring, nya kitu deui rajapati, gandawesi, jrrd.
b. rakitan anggang (anéksi)
nya éta kecap kantétan nu bisa diselapan ku sawatara kecap.



Nilik kana hartina, kecap kantétan dibagi :
1) nu satata atawa saharkat;
kolot-budak, gedé-leutik, beurang-peuting, isuk-soré, beunghar-malarat.
2) sinonim. Contona;
paksa-pirusa, sugih-mukti, méré-mawéh, duduga-peryoga, geuleuh-keumeuh.
3) nuduhkeun bilangan;
dua-welas, lima-karung, tuju-rébu, dua-boboko, tilu-puluh, jrrd.
4) nuduhkeun babasan;
tiis-ceuli, laér-gado, panjang-leungeun, hampang-leungeun, jrrd.
5) nuduhkeun waktuna;
dahar-beurang, indit-soré, mandi-isuk, jrrd.
6) nuduhkeun lantaran;
paéh-ngajuru, meuli-bogoh, sangsara-dihaja, labuh-titajong, jrrd.
7) nuduhkeun dijieunna;
korsi-hoé, peti-beusi, keusik-Ciharus, samping-Majalaya, jrrd.
8) euweuh patalina/ngaran barang;
panonpoé, gandawesi, indung késang, indung beurang, indung peuting.
9) nuduhkeun sipat/kaayaan;
bongkok-méongeun, harigu-manukeun, hulu-petieun, jrrd.
0 comment:
Posting Komentar